h2amzOiq2Tn9rmGhajOa165fMKwBqbFxQjYwl3bC
Bookmark

Naskah Drama Bahasa Sunda: Balada Kampung Onlen

naskah drama basa sunda
Pada kesempatan hari ini, saya akan membagikan salah satu karya naskah drama bahasa sunda yang diberi judul Balada Kampung Onlen, yang sengaja dibuat untuk kebutuhan kegiatan Milad di kampung saya. Karena saya cukup percaya diri dengan hasilnya, dan pentas di kampung saya juga terbilang sukses dan membuat penonton tertawa, maka saya akan membagikan naskahnya di blog saya ini.

Naskah drama ini bercerita tentang kehidupan warga Kampung Onlen yang penuh dengan intrik kehidupan layaknya orang-orang di perkampungan. Cerita pada naskah ini bertambah spesial karena mengikuti fenomena zaman terkini. Ibu-ibu konten, anak-anak terlalu sering bermain game, serta seorang tokoh yang digambarkan selalu rungkad.

Bagi kamu yang ingin mementaskan drama ini di acara yang kamu ikuti, saya akan sangat senang dan mengizinkannya. Namun, saya harap kamu izin terlebih dahulu dengan minimal berkomentar di bawah. Serius, komentar izin itu super mudah. hehe.

Baiklah, tanpa banyak mengetik paragraf pembuka, inilah Balada Kampung Onlen. Selamat membaca.


BALADA KAMPUNG ONLEN

(Karya: Nandar IR)


Di hiji kampung nu jauh ti kota, aya dua kulawarga nu carita hirupna béda pisan. Di sisi kénca, kulawarga Papih Simon jeung Mamih Edoh, anu unggal poé pinuh ku omong kosong jeung pasea wae, ibarat cai jeung minyak anu hese ngahiji. Di sisi katuhu, kulawarga Ummi Hawa jeung budakna nyaeta Ahmad, anu hirupna sakitu rukun, ibarat cai jeung susu anu saling ngalengkepan. Tah ayeuna, urang bakal nyaksian carita dua kulawarga ieu, jeung kahirupan di Kampung Onlen.

Ka Soreang, meuli pete

Hayu urang langsung ke TKP!


BABAK I

(Budak Papih Simon, nyaeta Doyok jeung budak Bu Haji nyaeta Yoga, geus aya di panggung maen game online di sisi kenca panggung. Budak Ummi Hawa, nyaeta Ahmad oge geus aya di panggung sisi beulah katuhu bari maca Al-Qur’an).

Doyok : (Maen Mobile Legends) Yog, kahade sing bener maen jungler teh, ulah Indomaret. Bisi eleh euy! Heg geus tereh naek Legend.

Yoga : Kalem Doy, mun junglerna ku urangmah bakal sekelas Kairi!

Doyok: Kelass…. Yog, kelas….


Disisi katuhu, pas Doyok jeung Yoga keur resep maen ML, Ahmad maca Al-Qur’an.

Ahmad : (Maca Al-Qur’an, surat Ad Duha)

Ummi Hawa : (Masuk panggung, mawa pakean, jeung setrika. Nyoloken setrikaan, terus meresan pakean.)

Ahmad : (Ningali Ummina, terus nyamperkeun.) Ummi, wios we ku abi atuh dilajeng.

Ummi Hawa : Wios kasep, tos we ku Ummi. Ujangmah lajengken we maca Qur’anna. Kan hoyong janten penghafal Al-Qur’an ongkoh?

Ahmad : Tapi Ummi, saur Kang Udung ge, Rido Allah mah aya di Rido orang tua. murkana Allah aya di murkana orang tua. Percuma atuh ngahafal, tapi teu tiasa bakti ka Ummi mah.

Ummi Hawa : (Ningal Ahmad, teras mesem) Muhun, lereus, soleh... Tapi, Ummi ge rido Ahmad nuju ngahafal ayeuna. Sok we fokus heula ngahafalna, nya.

Ahmad : Muhun atuh Ummi (Langsung balik deui, maca Qur’an)


Di sisi kenca, Doyok jeung Yoga masih keneh resep maen ML. Tiba-tiba, datang Mamih Edoh, sabari ambek-ambekan.

Mamih Edoh: Doyok! (Ngagorowok saacan ka panggung) Doyok! (Asup panggung) Ari maneh kunaon? Titadi Mamih gogorowokan, mani anteng wae kana HP!

Doyok : Naon atuh Mamih ah, ngaganggu wae!

Mamih Edoh : Mamih ek masak, keur si Papih. Meuli uyah jeung asin ka Warung. Gewat!

Doyok : Alah, hoream ah Mamih! Ku Mamih we atuh. Doyokmah keur push rank, kagok.

Mamih Edoh : Ah, teu ambil pusing Mamih Mah. Gewat, ku Mamih ditunguan di dapur. (Mamih balik ka dapur)


Di sisi katuhu, Ummi jeung Ahmad.

Ahmad : Shodaqolloohul 'adziim… (Beres maca Qur’an)

Ummi : Jang, atos ngaosna?

Ahmad : Atos, Ummi

Ummi : Punten atuh, pang nyimpenken angean kana lomari Ummi. Ummi bade meser asin.

Ahmad : Muhun, Ummi. Ke ku Ahmad dibantosan masakna.

Ummi : Muhun, mangga soleh...

Ummi jeung Ahmad kaluar panggung, bari Ahmad nyandak anggean anu atos diberesan ku Ummi.


Disisi kenca, Doyok jeung Yoga masih anteng maen game.

Yoga : Doy, mamih maneh moal nyarekan deui? Sieun euy!

Doyok : Moal mereun. Keunlah ulah di sieunan. Main terus aja, sampe jadi Kairi.

Yoga : Siap, RRQ Doyok!

Mamih : (Datang deui ka panggung, bari mawa cukil) Doyok! Ari maneh teu ereun-ereun maen game teh. Titadi Mamih nunguan, nepi ka saat cai sayur.

Doyok : Alah, Mamih, sorry. Doyok poho.

Mamih : Poho, poho. (Ngadenge sora motor Papih Simon) Tuh, si Papih geus mulang ngojeg!

Papih : (Asup panggung) Aya naon ieu teh, ti luar mani kadenge garaneng.

Yoga : (Ningali penonton) Penonton! Moal baleg ieumah. Bakal perang dunia katilu. (Ngalieuk ka Doyok) Doy, urang balik heulanya. Ek aya miting. (Bakat ku sieun, Yoga langsung pamitan ka Doyok, bari lumpat).

Doyok : Ah, Mamih mah, AFK we si Yogana. Atuh moal naek-naek kana Legen ari kieu caritanamah.

Mamih : Lugan legen, lugan legen. Nya ek naon atuh maen ML wae!

Doyok : Meh jadi Pro Player, atuh Mih. Jadi juara M1, jiga Evos. Ah, Mamihmah gak ngerti.

Mamih : Tuh, tingali Papih, budak teh. Hararese.

Papih : Aeh, naha jadi nyalahken Papih. Papihmah ngojeg titadi ge.

Mamih : Terus, mana hasilna? Menang sabaraha? Mamih ek meuli skincare.

Papih : Duh, nyeta Mih, tadi teh kalah di depo, pek teh rungkad.

Mamih : Ya ampun! Teu budak, teu bapa, hobina teh kana game anu teu pararuguh. Geus ah, poe ayeunamah marasak we ku sorangan. Pusing, Mamihmah! (Kaluar ti panggung bari keheul).

Papih : Maneh, da Doyok gara-garana.

Doyok : Tih, naha jadi ka Doyok? Papih nu salah, kalah maen game haram.

Papih : Ah saruana. Gewat ah, masak duaan. Bisi si Mamih beuki ngamuk

(Papih jeung Doyok kaluar panggung bari sieun).


BABAK II

Di lain tempat, ibu-ibu tatanggana Mamih Edoh jeung Ummi Hawa, ngarumpul arek nyieun konten di TikTok.

Ibu O.K.B. : Harayu bestie-bestieku, kita nyieun konten buat TikTok

Kabeh : Harayu, hayu...

Ibu Konten 1 : HP na mana?

Ibu O.K.B. : Alah, enya lupa aku teh.

Ibu Konten 2 : Terus, kumaha we? Gagal bikin konten atuh?

Ibu O.K.B. : Eits, tenang. Tuh, aya penonton nu keur mideo.

Ibu Konten 3 : Eh, enya ketang. Ide bagus.

Ibu Konten 1 : Siapa dulu atuh, Mamih OKB. Orang kaya baru.

Kabeh : (Seuri leutik)

Ibu O.K.B. : (Nyamperken salah sahiji penonton) Aa kasep, punten nambut heula HP na. (Ibu-ibu siap-siap, meresan kamera).

Ibu Konten 4 : Hayu ah, kita mulai.

Ibu O.K.B. : Oke. Musik! (Ibu-ibu goyang sadbor)


Lagu goyang sadbor diputer. Ibu-ibu joged bari ningali hp.

Ibu Konten 1 : Terima kasih, ibu Ida, gift-nya. Terima kasih orang baik.

Ibu O.K.B. : Tap-tap terus layarnya guys, ramaikan.


Di tengah live, dua teteh tukang sayur datang.

Teteh Sayur 1 : Sayur.... Sayur...

Teteh Sayur 2 : Buncisna aya, tomatna aya, jengkolna aya...

Teteh Sayur 1 : Sayur... sayur sayur....

Teteh Sayur 2 : Buncisna aya, tomatna aya, jengkolna aya...

Ibu Konten 1 : Eh, aya tukang sayur (bari ningali ka tukang sayur).

Ibu O.K.B. : Yaudah guys, maaf live-nya gak lama. Lebih penting beli sayur buat masakan para suami, daripada ngonten. (Sambil memberikan hp ke kameraman lagi).

Ibu Konten 1 : Teteh sayur... Sini...

Teteh Sayur 1 : Siap...

Teteh Sayur 2 : Meluncurr.....

Teteh Sayur 1 : Sok dipilih ibu-ibu, mumpung masih seger. Baru dipanen poe kamari.

(Para ibu konten kreator milih-milih sayur anu arek dimasak).


Nalika milihan sayur, ibu-ibu jeung teteh-teteh tukang sayur ngagosipken kahirupan kulawarga Mamih Edoh jeung Ummi Hawa anu beda.

Teteh Sayur 2 : Ibu-ibu, tadi aku denger ada yang gogorowokan, jiga anu parasea. Henteu, KDRT mah?

Ibu O.K.B. : Anu rumahna warna hejo ee kuda?

Teteh Sayur 2 : Tah, that’s right! Betul.

Ibu Konten 1 : Ah, teu aneh etamah teteh. Tiap sore ge pasti we… moal jauh tip asea

Ibu Konten 2 : Teu bapak, teu ibu, teu anak, karitu sadayana

Teteh Sayur 1 : Emang naha bet parasea wae? Aya naon?

Ibu Konten 4 : Ah, si tetehmah masih muda, udah kepo.

Teteh Sayur 1 : Eh gak apa-apa. Kan mumpung masih muda, kudu apal sagalana.

Semua : (Tertawa)

Ibu O.K.B. : Jadi kieu, ari ceuk suami abimah. Baheulana.......

Yoga : (Nembongken tulisan: SENSOR KPI, ka penonton)

Kabeh : Oh... Kitu...

Teteh Sayur 1 : Karunya ka budakna atuhnya, kalau gitu ceritanamah?

Teteh Sayur 2 : Yes, i agree with you. Lereus pisan.

Ibu Konten 1 : Enya, abi ge kakara apal ceritana kitu.

Ibu Konten 2 : Beda pisan jeung Ummi Hawa nya. Katingalna teh mani adem pisan.

Ibu O.K.B. : Enya. Padahal suamina maot tisoledat ka jurang. Tapi masih kuat kasabaranna.

Ibu Konten 1 : Ah, nu namina wanita solehmah, tidak gentar sama cobaan berat


Di kajauhan, Mamih Edoh muncul. Tatangga anu tadina ngagosip panjang lebar tentang si Mamih, langsung repeh bari tarungkul.

Ibu Konten 2 : Ssutt… Si Mamih datang

Mamih : Aya naon ieu teh, mani tarungkul jiga hayam muyung? Ngagosipken saya nya?

Ibu O.K.B. : Henteu, Mamih. Mung nyariosken Mamih mani geulis ih. Ngange skincare naon Mih? Mani hinyai… eh mani glowing maksud teh.

Mamih : Ish.. atuh ieumah skincare mahal. Impor ti Bagdad.

Ibu Konten 1 : Duh, pasti mahalnya Mih?

Mamih : Nya heeuh atuh. Pake nanya.

Teteh Sayur 2 : Sok atuh mamih, dipilih-pilih. Mau beli apa?


Teu lila, Ummi datang bawa keranjang belanja.

Ummi : Assalaamu ’alaikum...

Semua : Wa’alaikumussalaam...

Mamih : (Teu ngajawab salam, tapi kalah nembongken muka judes)

Ummi : Teh, kagungan asin?

Teteh Sayur 1 : Aya, Ummi. Kalereusan mung hiji deui

Mamih : Ke.. ke... keheula. Saya nu tiheula kadieu. Saya ge ek meuli asin.

Teteh Sayur 2 : Aeh.. Atuh Mamih mah da titadi saukur ngeliat doang. Acan nanya.

Mamih : Ah, teu bisa kitu. Pokonamah asinna dibeuli ku saya. Pira asin waemah murah. Sakalian ek diborong daganganna.

Ummi : Keun wios teh, pasihken we ka Mamih. Abimah meser tempe we, hiji. Sareng perbumbuanna.

Teteh Sayur 1 : Oh muhun atuh Ummi, mangga ( Bari mungkusan tempe jeung bumbu).

Mamih : Tah kitu atuh, lin titadi. Sok, gewat bungkusan. Ngadadak hareudang cuacana.

Teteh Sayur 2 : Siap atuh Mamih. Asin hungkul Mih?

Mamih : Enya! Jadi males ngaborongna ge.

Teteh Sayur 2 : (Mungkusan pesenan Mamih).

Mamih : Sabarahaeun?

Teteh Sayur 2 : 6000 Mamih. Bayarnya bisa pake Qris, Mamih.

Mamih : Hah, Keris? Naon ku keris, da lain dukun saya teh

Ummi : Kyuris Mamih... sistem pembayaran secara onlen

Mamih : Enya, da apal saya ge. Ngetes we, cik, ibu-ibu kampung ieu arapal teu.

Ibu Konten 1 : Terang atuh Mamih. Suami aku ge sering belanja di emol. Bayarnya pake Qris

Mamih : Syukur atuh ari arapalmah. (Diam sejenak). Teh, ngahutang dulunya. Lupa can ngisi saldona.

Teteh Sayur 2 : Kes ge tiasa Mih.

Mamih : Sarua, poho. (Diam sejenak). Geus, ah. Saya mah mau pulang. (Kaluar panggung bari masang muka judes).

Semua : (Ningali Mamih geus kaluar panggung) Astagfirullooh... (Kecuali Ummi).

Ibu O.K.B. : Nyaan, panya teh orkay. Gening asin wae mani hese mayar. Tos teh, ku abi dibayarna. Wios, nu Ummi ge ku abi sakantenan.

Kabeh : O...K...B... Orang Kaya Baru.

Ummi : Ah, teu kenging ngarerepot, Ceu. Kaleresan masih keneh gaduh acismah. Hasil Ibu icalan Ahmad di sakola.

Ibu O.K.B. : Oh, muhun atuh Ummi. Mangga

Ummi : Mangga atuh, tiparayun ah. Kabujeng solat Magrib. (Keluar panggung, bari masang muka mesem).

Semua : (Ningali Ummi kaluar panggung) Masya Allooh...


Ibu-ibu langsung meuli bahan keur dipasak. Dibayarna, pake Qris.

Ibu Konten 2 : (Nguping adan) Aduh, tos magrib ning. Teu karaos.

Ibu Konten 4 : Muhun

Ibu Konten 1 : Gas atuh ah, kita pulang. Solat magrib, biar solehah kayak si Ummi

(Tatangga jeung tukang sayur kaluar panggung).


BABAK III

Kaisukan poena… Di hiji buruan warung kopi leutik pinggir jalan, nalika para istri keur resep ngonten di TikTok, para suami, kumpul bari nungguan notifikasi orderan nu datang dina aplikasi Ojeg Onlen. Sakalian ngadiskusikeun rupa-rupa masalah hirup.

Papih : (Muncul ka panggung, bari mawa momotoran) Ngeng…. Ngeng… ngengg… Kikk…

Haji : (Ningali ti kajauhan)

Papih : Ji, kunaon ngahuleng tarik kitu? Keur mikiran khutbah Jumat?

Haji : Lain, Pih. Ieu mikiran orderan. Nunguan ti isuk-isuk, nepi ka jam sapuluh. Mani kur menang dua.

Abi : Atuh leheng sakitumah, Ji. Kuringmah, teu menang hiji-hiji acan

Haji : Naha atuhnya? Boa penumpangna disingsieunan ku Ojeg Pangkalan sebelah?

Syahid : Bisa jadi, Ji. Hayu atuhlah urang hajar! ( Bari nangtung ek nyamperken ojeg pangkalan).

Haji : (Nangtung, nahan Syahid) Eh, ulah kitu carana atuh euy. Nu ngaranna neangan rizky, urang teh kudu sabar. Boa lain eta masalahna.

Syahid : Enya atuh, Ji. Hampura, sok gampang emosi kuringmah.

Papih : Puguh lain eta alesan sepi orderanmah. (Nangtung). Tah, masalahna! (Bari nunjuk momotoran Haji) Saha nu daek atuh, numpak motor oyag jiga kieu?

Haji : Maksudna? (Mulai emosi)

Papih : Tingali yeuh, Ji. Motor sim kuring. Seseug, mewah, terawatt, hasil modifan deuih. Hasilna? Poe ayeuna menang 15 orderan.

Haji : (Emosina mulai namahan)

Papih : Ari motor jiga kitumah, moal bet menang orderan masing nunguan nepi ka jangotan ge.

Haji : Naha jadi ngahina motor kuring euy? (Nangtung, bari hampir ngahajar Papih)

Syahid : (Nangtung, nahan Haji) Eh, sabar, Ji... Sabar...

Papih : (Rada merod) Kalem pih, just kidding.  Hereuy. Piss… damai… damai...


Teu lila, datang para preman, anu ek nagih hutang ka si Papih. Pok teh, si Papih injem duit ka bank Emok, tapi hese mayar, jeung kabur-kaburan wae pas ek ditagih.

Para preman: (Asup pangung, bari disetel musik preman pangsiun versi koplo).

Papih : (Nyumput tukangen motor, nempo preman. Sieun ditagih).

Roy : Simon, kaluar. Ulah nyumput maneh! Codet, teangan si Simon!

Codet : Siap, bos! (Hormat, terus neangan si Simon) Ieu bos, nyumput di tukang!

Roy : Bawa kadieu, kita kasih perhitungan! King Kobra, bantuan, heg si Codetmah leutik

King Kobra : Siap, pangersa! (Hormat)

(Codet jeung King Kobra nyamperken Papih Simon, dibawa kahadapan Roy)

Roy : Kumaha iyeu teh, Simon. Hutang geus numpuk, teu dibayar-bayar. Gewat bayar!

Papih : Hampura, Mang. Kamari teh ek dibayar, ngan kalah rungkad

Roy : Da atuh hirup manehmah teu puguh. Mayar hutang, nunguan heula Zeus!

King Kobra : Bener. Urang ge, preman-preman kieu, teu daek judi. Judimah nu untungnamah anger we bandar. Benang katipu manehmah, Simon!

Papih : Nya mang, ek tobat ti ayeunamah

Roy : Alah, teu percaya. Geus sabaraha kali ngomong kitu, angger we kana depo

Codet : Geus lah, bos, kita hajar wae!

Roy : Kalem, Codet. Ulah wawanian, heg aya Haji. Elmuna kuat, bisi ngalayang maneh

Codet : (Ningali Haji, bari menta hampura)

Roy : Kieu we intinamah, Simon. Mun isukan hese keneh mayar, imah maneh nu jadi korbanna

Simon : Enya, siap, Mang. Ek dibayar isukan ge

Roy : Codet, King Kobra, hayu ka Masjid. Urang solat duha heula. Biar berkah.

King Kobra dan Codet: Berangkat…

(Para preman kaluar panggung, bari diiringan musik preman pangsiun)

Simon : Ji, injem duit lah

Haji : Sabaraha?

Simon : Kur saratus juta

Haji : (Reuwas) Yaa Allooh, ya robbii... mani teu kagok injeman teh. Teu boga!

Simon : Duh, kumahanya euy, moal boga imah atuh kieu caranamah

Haji : Atuh jual we motor anu seseug, mewah, terawat, hasil modifan teh

Simon : Ah, manehmah sok ngaledek Ji

Haji : (Nempo HP, pas aya sora notifikasi) Alhamdu lillaah, aya orderan, sakitu motor

  butut ge. Mangga ah, tipayun. Wilujeung ngemutan hutang.

Tukang ojeg lain ge, tiba-tiba menang orderan. Tingal Simon sorangan anu di Warung.

Simon : (Bari nepak tarang) Haduh, ripuh wala! (Kaluar pangung, bari tungkul).


BABAK IV

Kaisukan poena, warga Kampung Onlen, ti mimiti barudak nepi ka kolot, ngalaksanakeun kagiatan sapopoé saperti biasa. Sadayana hirup tenang, iwalti Papih Simon anu masih keneh pusing mikiran mayar hutang ka komplotan Bos Roy.

Mamih sasapu, sedengken Ummi moe baju di halaman imahna masing-masing.

Mamih : Aduh, jaman kiwari masih moe pakean. Saya dong, punya mesin cuci anu bisa bikin baju langsung garing. Tangan aku teu barau sabun. Iww.. (Judes, nyindiran Ummi anu keur moe)

Ummi : (Mesem, bari ngelus dada).

Mamih : Nelpon si Papih ah, mau minta dibeliin Cokelat Dubai. Kan lagi rival di sosmed. (Bari ngangkat telepon)

(Mohon maaf, nomor yang anda hubungi, sedang tidak aktif)

Mamih : Emhh si Papihmah, abong sibuk nyari nafkah. Mani dinonaktifken HP ge.


Teu lila, Ahmad datang mawa wadah dagangan anu geus kosong. Daganganna diborong.

Ahmad : Assalaamu ’alaikum

Ummi : Wa’alaikumussalaam... Jang, ti mana neme uih?

Mamih : Ti mana we, mani kepo!

Ummi : (Senyum)

Ahmad : Neme teh di jalan, Ahmad mantosan abah-abah tikosewad. Ari tos kitu teh tiba-tiba dagangan Ahmad diborong. Padahal, di sakolamah nu meserna ge sepi, Ummi.

Ummi : Alhamdu lillaah atuh. Tuh, ari mantosan baturmah kan kenging berkahna.

Ahmad : Muhun, Ummi. Ieu artosna Ummi (Bari nyandak acis dina saku)

Ummi : Alah, naha gening mani seeur kieu? Lereus ieu teh?

Ahmad : Lereus Ummi, ti Abah-abah tadi. Saurna kango jajan Ahmad

Mamih : Alah... paling oge si Abah-abahna dicopet. Hari gini, masa ada orang yang ujug-ujug ngasih Duit

Ummi : (Ngalieuk ka Mamih) Mamih... Abi memang jalmi teu gaduh, tapi abi moal bet ngadidik Ahmad jiga kitu.

Ahmad : Muhun Mamih, Ahmad moal mungkin nyopet. Ahmad alim nyusahken Ummi.

Mamih : Halah! Alesan ah.


Dina pasea eta, Doyok datang, kara mulang ti sakola bari maen game ML.

Doyok : Mih, menta duitlah! Doyok ek topup Diamond. Heg keur aya Event skin Saber gratis

Mamih : Aeh, aeh... Lainmah ngucap salam, ieu kalah langsung kana duit. Teu boga Mamihmah. Acan di TF ku si Papihna ge.

Doyok : Alah... Mamihmah pelit. Masa Mamih tega ningali Saberna Doyok gak punya skin

Mamih : Duka ah, teu ngarti Mamihmah. Mending beli Skincare, dari pada skin Baser

Doyok : Saber Mamih cantik...

Mamih : Enya eta, ceuk Mamih teh


Tiba-tiba, Ibu OKB datang, bari lulumpatan.

Ibu O.K.B. : Ummi... Ummi... Aya kabar buat Ummi jeung Ahmad

Ummi : Wa’alaikumussalaam...

Ibu O.K.B. : Oh iya, lupa Ummi. Assalaamu ’alaikum...

Ummi dan Ahmad: Wa’alaikumussalaam...

Ummi : Kabar naon Ibu, mani rareuwas kieu

Mamih : Kabar ek aya Polisi, mawa si Ahmad

Ibu O.K.B. : Sanes Mamih, ieumah kabar baik.


Teu lila, datang Mr. Money dibarengan jeung para ibu-ibu konten anu mawa HP masing-masing, bari mideo Mr. Money

Mr. Boim : Assalaamu ’alaikum...

Semua : Wa’alaikumussalaam...

Ibu O.K.B. : (Nepak Ummi) Tah, ieu Ummi kabar baiknya datang!

Ummi : Saha ieu teh? Abimah teu wawuh. Jiga pesulap. Tapi asa teu ulang tahun da.

Mr. Boim: Ibu, apa benar ibu adalah orang tua dari anak yang bernama Ahmad?

Ummi : Iya, betul. Kenapa ya, Pak?

Mr. Boim : Perkenalkan, nama saya Mr. Boim. Saya YouTuber yang sering berbagi rezeki buat orang-orang baik seperti anak ibu. Tadi, saya sedang melakukan sosial eksperimen, dan abah-abah yang ditolong Ahmad tadi adalah kru saya. Karena Anak ibu sudah ikhlas menolong, maka Ibu dan Ahmad berhak mendapatkan uang sebesar 500 juta rupiah dari saya.

Ummi : (Reuwas, teu percaya) Yaa Allooh, lereus ieu teh Mr.? Betul?

Mr. Boim : Betul, Bu. Ini rezeki ibu karena sudah mendidik anak ibu dengan baik.


Di sisi kenca, Mamih kesel ningali Ummi anu menang rezeki nomplok. Teu lila, Papih Simon datang bari nepak tarang.

Mamih : Papih, kunaon jiga anu lieur kitu? Sakit?

Papih : Gaswat Mih, gaswat ieumah!

Doyok : Pih, menta duit buat TopUp lah

Mamih : Repeh heula Doyok! Geus puguh si Papih jiga nu parusing kieu, kalah menta duit

Papih : Duh, Mih. Imah ieu bakal disita. Soalna Papih boga hutang 100 juta

Mamih : Astagfirullooh... Papih... Nanaonan atuh bet ngahutang? Naha teu curhat heula ka Mamih!

(Bari rada ceurik)

Papih : Atuh da kalah rungkad terus, jadi we kalah beuki nomokan

Mamih : Kumaha atuh, Pih? Mamihmah embung kehilangan imah ieu


Acan oge neangan solusi, Komplotan Roy datang. Pas para preman datang, kabeh warga ningali bari mideo.

Roy : Simon! Mana janji kamu yang kemarin? Geus kakumpul acan?

Papih : Mang, hampura euy! Acan menangan wae.

Codet : Menang naon? Menang Zeus yang gak kunjung datang?

Roy : Da kitu wae hirup manehmah Simon. Kalah nunguan Zeus. Angguranmah, menta hampura ka Allooh. Mereun ieu balesanna, hayoh depo wae teh. Betul gak, Kobra?

Kobra : Betul, Bos!

Codet : Dengeken tah, Bang Roy berkata-kata

Simon : Menta saminggu deui atuh, Mang euy. Aslina ek dibayar.

Roy : Alah... kamumah banyak janji. Teu daek ah, hayoh menunggu.

Codet : Menunggu itu berat, kamu gak akan kuat!

(Roy, Codet, jeung King Kobra ngalakuken tos bari seuri)

Mamih : Enya atuh Mang, pasihan waktu. Ke ge dibayar.

Roy : Sekali teu bisa, tetep teu bisa. Mun teu bisa mayar, geus, sesuai janji, imah maneh disita! Gewat, beresan barang-barang maneh, Simon! Ingkah dari sini!

Mamih : Ya Allooh... (Gogorowokan)


Ningali keluarga Mamih kasusahan, Ummi langsung dedeuh jeung karunya. Ummi langsung nyamperken keluarga Mamih.

Ummi : Kang, hapunten, emangna sabaraha hutang Papih Simon teh? (Noel Roy)

Roy : (Ngalieuk ka Ummi) 100 juta bu, teu kurang teu lebih

Ummi : Wios we Kang, ku abdi dibayar lunas hutang Papih Simon

Teteh Sayur 2 : (Nyamperken Ummi) Ummi, jangan ih. Lebar!

Ummi : Teu nanaon teh. Teu tega atuh ningal tatangga nuju kasusahan kieu. Karunya.

Roy : Oke atuh, ikhlas kan ieu teh?

Ummi : Ikhlas, Kang.

Roy : Yaudah, nanti TF ke rekening aja. Codet, bikeun nomor rekeningna.

Codet : Siap, bos! (Mikeiun kertas anu eusina nomor rekening)

Roy : Codet, King Kobra, hayu ka masjid. Geus tereh adan.

Codet dan Kobra: Berangkat...

Codet : (Nyamperken heula Papih) Simon, teu era maneh dibayar ku batur? (Ek nalipak, tapi kaburu ditarik ku King Kobra)

Kobra : Kalem, Det... Kalem...


Ningali Ummi nulungan, Mamih langsung nangkep Ummi bari sesenggukan ceurik.

Mamih : Ummi, hampura nya saya geus haseum budi ka Ummi

Ummi : Wios Mamih, Abimah teu dIbu Konten 2ndak dugi kana hate da

Mamih : (Ngalepasken tangkepanna) Pokonamah, ti mimiti ayeuna, saya moal judes jeung sombong ka sasaha deui. Ek tobat.

Papih : Enya Ummi, abi ge hampura geus ngarerepot Ummi jeung Ahmad. Abi ge ek tobat pokonamah, moal nga depo wae.

Ummi : Syukur atuh, Mamih, Papih...

Doyok : Ummi, Doyok boleh minta duit buat TopUp?

Papih : Astagfirullooh, ari maneh Doyok. Angguranmah nuhun geus di bantuan ku si Ummi

Doyok : Jus kiding Pih, hereuy… Doyok ge nuhun Ummi. Ayeunamah ek jualan Diamond ML we ah, meh banyak uang kayak Ahmad

 Mr. Boim: (Nyamperken Ummi) Ummi, karena saya terharu melihat kejadian tadi, maka saya akan mengumrohkan Ummi dan Ahmad, plus tambahan uang senilai 500 juta rupiah lagi. Selamat!

Semua : Alhamdu lillaah...

Ummi : Terima kasih Ya Allooh, terima kasih Mr. Boim... 

(Ummi jeung Ahmad sujud syukur)

(Warga Kampung Onlen katingali bungah, termasuk Mamih anu awalna judes pisan ka Ummi).


Haji: (Nyamperken penonton) Tah kitu Bapak-bapak, Ibu-ibu, nu ngaranna hirupmah. Ulah sok nyiar pasea, komo nyiar duit anu teu puguh caritanamah. Berharap menang kabengharan, tapi angger kan, jeung uyah deui, jeung uyah deui deungeun sangu di imahmah. Ingat kata King Kobra: ”Yang kaya tetap bandar, urangmah kabagean rungkadna hungkul.” Tong sok ngaheseken diri sorangan jeung keluarga.

Kalian oge, yang hirupnya masih balangsak. Keun, sing sabar. Allooh mah Maha Benghar. Boa isuk pageto menang rezeki, buah tina kasabaran urang. Teangan jalan anu bener, meh teu kabalinger.

Sakitu bae cerita ti Kampung Onlen, mudah-mudahan aya bekelen ka Imah. Piceun gorengna, ambil hadena. Wassalaam... Sok ah, ek joged penutupan heula cnah. (Kaluar panggung, tapi ereun heula, poho sesuatu)

Eh, BTW si Ummi herang juga ya? Kuurang lamar ah, minggu hareup. Sakitu ah, pamiarsa, Assalaamu ‘alaikum.

*TAMAT*


Bagi kamu yang ingin mengunduh naskah di atas, tautannya sudah saya sediakan di sini:



Butuh referensi videonya? Nih, saya berikan sekalian, pementasan dramanya, pada saat acara Milad berlangsung di kampung saya:

Itulah naskah drama Bahasa Sunda yang berjudul Balada Kampung Onlen. Semoga kamu suka, dan sayangat terhormat kalau naskah ini bisa layak dipakai jadi pentas drama di acara yang kamu ikuti. 
Posting Komentar

Posting Komentar

Hai! senang bisa mendapat komentar darimu. 😊
Sok, kasih kritik maupun saranmu buat blog ini. Jangan nanggung, hajar aja!